Senin, 28 Maret 2016

b.sunda

Sajak


 
   Sajak teh nyaeta karya sastra atawa karangan wangun ugeran (puisi) anu ngebrehkeun pangalaman batin panyajakna jeung teu pati kauger ku patokan-patokan. Disebut karangan ugeran teh sabab dina sajak mah aya hal-hal nu kudu diperhatikeun, diantarana diksi atawa na pilihan kecap jeung wirahma. Selain eta, sok disebut oge sajak bebas. Bebas di dinya, tangtuna oge relative. Upama dibandingkeun jeung guguritan, anu ditulis dina wangun pupuh, jelas sajak mah leuwih bebas. Sajak heunteu kauger ku jumlah padalisan dina sapadana, jumlah engang dina unggal padana, atawa sora tungtung dina unggal padalisan.
     Upama dibandingkeun jeung sisindiran, sajak mah heunteu kudu kauger ku cangkang jeung eusi. Upamana dibandingkeun jeung mantra, sajak mah heunteu kauger ku pilihan kecap anu ngandung kakuatan gaib, atawa digelarkeun (diucapkeun, dipapatkeun) pikeun tujuan-tujuan khusus anu patali jeung kapercayaan.
     Sajak kauger ku diksi jeung wirahma (nu matak heunteu disebut wangun lancaran). Wirahma, ciri utama anu ngabedakeun wangun ugeran jeung wangun lancaran, karasa nonjol dina sajak; bisa jadi lantaran ugeran-ugeran sejenna, saperti nu aya dina pupuh, heunteu dipake.
     Sajak teh dina sastra Sunda mah lain karya sampakan. Bisa jadi mangrupa pangaruh tina sastra Indonesia. Mimiti gelar sabada merdeka. Sajak Sunda munggaran ditulis ku Kis Ws dina taun 1946.
     Dina mimiti gelarna, sajak teh heunteu jol-jol ditarima ku masarakat Sunda. Beda jeung carita pondok. Ari alesanana, sajak teh lain wangun sastra  pituin urang Sunda. Alesan anu teu bisa ditarima ku akal, sabab dina seuhseuhanana mah guguritan oge anu harita dianggap karya sastra asli urang Sunda, mangrupa pangaruh tina sastra Jawa.
     Dina kamekaranana, tetela sajak teh bisa nyilihkeun guguritan. Kiwari sajak bisa disebut wangun puisi pangpopulerna dina pajemuhan sastra Sunda. Dimuat dina majalah jeung surat kabar Sunda. Ti dinya kakara dibukukeun. Memang umumna buku kumpulan puisi Sunda mah mangrupa kumpulan sajak anu samemehna geus dimuat dina surat kabar atawa majalah.

* Dina maca sajak aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun, nyaeta lafal, intonasi/lentong, jeung cara ngajiwaan eusi sajak.
* Unsur-unsur sajak teh nyaeta : pikiran (sense), rasa (feeling), gaya (tone), jeung maksud (intention).
1. Pikiran (sense) nyaeta pikiran pangarang nu nyangkaruk dina jiwana, dikedalkeun ngaliwatan karanganana.
2. Rasa (feeling) nyaeta rasa panyajak anu dikedalkeun dina sajakna, bisa rasa waas, bungah, sumanget, ambek, atawa ceuceub.
3. Gaya (tone) nyaeta gaya panyajak anu ditepikeun dina sajakna, bisa humoris, realistis, kritis, romantis atawa mikacinta ka lemah caina.
4. Maksud (intention), sok disebut oge amanat nyaeta maksud anu hayang ditepikeun ku panyajak.

Conto Sajak Sunda :
              PAMAYANG
Karya : Rachmat M. Sas. Karana
Bulan imut
ngangkleung di langit
   budak ulin di buruan
Angin darat
muru ka laut
   pamayang nyolendang korang
Parahu leutik
laju nyiriwik
   nganteur usaha di sagara
Warna perak
‘na beungeut ombak
   beuteung lauk tingborelak
Nu jadi harepan
pikeun kahirupan
   laut lega paparin Pangeran

Tidak ada komentar:

Posting Komentar